{"code":200,"msg":"OK","clientId":"","data":{"kode_konten":"BK93400","kode_penerbit":"468","kode_penulis":"42932","kode_supplier":"159","tipe_konten":"ebook","judul":"Mantri Jero","sinopsis":"Kakara og\u00e9 sapanyeupah\u00adaneun reureuhna, Juragan Patih nga\u00adda\u00adngu sada aya nu ting\u00adgarero ti kaja\u00aduhan, ari ditenget-tenget t\u00e9t\u00e9la sada nu cume\u00adluk m\u00e9nta tulung. Anjeunna kacida kag\u00e9tna, kitu deui tamta\u00adma-tamtama nu opat puluh caruringhak. Barang r\u00e9k clak pisan nitihan kuda, ti w\u00e9tan burudul aya nu daratang, jele\u00adma tarumpak kuda ditegarkeun, tapi ti kajauhan k\u00e9n\u00e9h og\u00e9 katingali, kuda nu lalumpat t\u00e9h semu geus laleuseuh. Nu tarumpak kuda t\u00e9h nyarahcalan ragragan tina kudana, sawa\u00adr\u00e9h aya nu nyampay dina tonggong kuda, sawar\u00e9h deui aya nu kas\u00e9s\u00e9r\u00e9d, lantaran sukuna ngait kana sanggawedi.\r\nAri geus deukeut, sidik katingali, geuning nu daratang t\u00e9h lain musuh, sihor\u00e9ng Mantri Jero jeung sabaladna!\r\nMantri Jero m\u00e9h geus teu puguh rupana, panganggona ruwak-rawek, rangsak kawas beunang nyasaak, rambutna awut-awutan, geus teu diudeng-udeng acan, atuh ririaban katebak angin. Reg Mantri Jero jeung sar\u00e9ncangna areureun. Kudana rupana b\u00e9ak napas, kawantu dilumpatkeun sakitu jauhna, tur henteu eureun-eureun, kudupruk ba\u00e9 kuda t\u00e9h labuh. Mantri Jero tiguling tina kudana, les kapisanan, ma\u00adlah kudana mah hos pa\u00e9h sapada harita\u2026","penulis":"R Memed Sastrahadiprawira","penerbit":"Kiblat Buku Utama","isbn":"978-623-469-084-2","eisbn":"978-623-469-085-9","preview":"pdf-sample.pdf","cover":"https:\/\/kubuku.id\/prod\/img\/cover\/fde9a248d43d903de47f1878b2004da4.webp","harga_dasar":"108000","formatted_harga_dasar":"108,000","diskon_persen":0,"diskon_maks":0,"harga_akhir":"108000","formatted_harga_akhir":"108,000","jumlah":0,"terpakai":0,"tgl_akhir":"2026-04-08 06:57:50","rating":"0"},"cache":"write"}