{"code":200,"msg":"OK","clientId":"STR0107052022","data":{"kode_konten":"BK74617","kode_penerbit":"468","kode_penulis":"43089","kode_supplier":"159","tipe_konten":"ebook","judul":"Seuneu Naraka: Tilu Carita Jepang","sinopsis":"\u201cSora kar\u00e9ta nu keur kahuru ngaguruh tingbeletok matak ketir nu ngad\u00e9ng\u00e9. Pucuk seuneu beuki luhur beuki nanjeur ka langit. Nya hareupeun seuneu nu nanjeur t\u00e9a Yoshihid\u00e9 ngajengjen nangtung teu usik-usik. Kacida an\u00e9hna sanggeus sababaraha waktu ngarandapan siksaan batin nu pohara, beungeut Yoshihid\u00e9 nu tadi ranteng ku urat ayeuna ngendoran. Man\u00e9hna kawas nu poho ka nu aya di sakurilingeun dirina, malah siga nu teu malir\u00e9 kana kahadiran Otono Sama di dinya. Man\u00e9hna jongjon nangtung sidakep neuteup lautan seuneu nu ngabebela. Man\u00e9hna kawas nu teu n\u00e9njo y\u00e9n anakna keur nyanghareupan ajalna kalawan kejem. Malah kawas nu resep n\u00e9njo pucuk seuneu ngal\u00e9ntab awak anakna nu keur nandangan siksaan.\u201d\r\nKajadian di luhur dicutat tina carpon \u201cSeuneu Naraka\u201d karya Akutagawa Ryunosuk\u00e9, nu ngagambarkeun kumaha Yoshihid\u00e9, pelukis istana Otono Sama nu mashur tapi kacida \u201c\u00e9ks\u00e9ntrik\u201d\u2014lamun teu meunang disebut \u201cg\u00e9lo\u201d\u2014t\u00e9ga pisan ngorbankeun anak aw\u00e9w\u00e9na nu ngan hiji-hijina jadi mo-d\u00e9l lukisan nu dijudulan \u201cSeuneu Naraka\u201d. Man\u00e9hna hayang ngagambarkeun sacara \u201cr\u00e9alistis\u201d kaayaan jalma-jalma nu nandangan siksa naraka.\r\nSalian ti \u201cSeuneu Naraka\u201d, Tini Kartini og\u00e9 narjamahkeun dua carpon lianna: \u201cTukang Suling jeung Kaisarna\u201d karya Yoshikawa \u00c9iji jeung \u201cJalma Buangan\u201d karya Mori Ogai. Yoshikawa t\u00e9h pangarang Jepang nu di Indon\u00e9sia kawentar lantaran bukuna  Mushashi.\r\n","penulis":"Tini Kartini","penerbit":"Kiblat Buku Utama","isbn":"978-979-3631-51-6","eisbn":"978-623-221-068-4","preview":"pdf-sample.pdf","cover":"https:\/\/kubuku.id\/prod\/img\/cover\/84267fa3d9c9f249c7851cd16cd298a1.webp","harga_dasar":"40000","formatted_harga_dasar":"40,000","diskon_persen":0,"diskon_maks":0,"harga_akhir":"40000","formatted_harga_akhir":"40,000","jumlah":0,"terpakai":0,"tgl_akhir":"2026-04-19 17:49:19","rating":"0"},"cache":"read"}