{"code":200,"msg":"OK","clientId":"","data":{"kode_konten":"BK74153","kode_penerbit":"468","kode_penulis":"42931","kode_supplier":"159","tipe_konten":"ebook","judul":"Nyi Kalimar Bulan","sinopsis":"Cunduk kana waktu, brol Lembu Wulung ngajuru Orokna manusa. Aw\u00e9w\u00e9. Mulus pakulitanana, geulis rurupaanana. Moncorong cahayaan kawas bulan opat belas. Ku kituna, orok t\u00e9h dingaranan ba\u00e9 Nyi Kalimar Bulan.\r\nAyeuna mah Lembu Wulung henteu ngarasa keueung teuing. Boga batur ulin, orok cooeun. Boga batur ngomong. Saban isuk, Nyi Kalimar Bulan diajak hao hakeng. Beuki lila beuki b\u00e9nt\u00e9s. Nepi ka bisa cacarita mak\u00e9 basa manusa biasa.\r\nUmur sataun t\u00e9h, pangawakan Nyi Kalimar Bulan teu b\u00e9da ti jalma umur dua belas taun.\r\nPikeun tempat padumukan, Lembu Wulung ngahaja dakar-deker nyieun saung. Wedel pisan. Mak\u00e9 tihang kai balokan. Pantona papan bahbir kararandel.\r\nUnggal po\u00e9, upama Lembu Wulung indit nyiar dahareun, Kalimar Bulan disina ningkreb di jero. Panto saung sina ditulakan pageuh pisan. Teu meunang sagawayah dibuka, kajaba lamun indungna datang bari ngagero ku hariring:\r\n\r\n\u201cNyi Kalimar, Nyi Kalimar \r\nieu ema enggeus datang \r\ngeura buka tulak panto \r\nbabawaan geura boro\u201d.\r\n","penulis":"Usep Romli HM","penerbit":"Kiblat Buku Utama","isbn":"978-623-7295-28-0","eisbn":"978-623-221-230-5","preview":"pdf-sample.pdf","cover":"https:\/\/kubuku.id\/prod\/img\/cover\/73238969e4d494a864d5bc6313ac524e.webp","harga_dasar":"36000","formatted_harga_dasar":"36,000","diskon_persen":0,"diskon_maks":0,"harga_akhir":"36000","formatted_harga_akhir":"36,000","jumlah":0,"terpakai":0,"tgl_akhir":"2026-05-19 22:14:14","rating":"0"},"cache":"write"}