{"code":200,"msg":"OK","clientId":"","data":{"kode_konten":"BK67423","kode_penerbit":"468","kode_penulis":"43092","kode_supplier":"159","tipe_konten":"ebook","judul":"Lalampahan Pa Mohalan","sinopsis":"Dedeg pangadegna sedeng bae jangkung henteu, pendek henteu, kulitna hideung tapi beresih; pasemonna pika\u00adcong\u00ad\u00adgaheun sarerea. Ari ngaranna nu sabenerna mah Ma\u00adjusup; dise\u00adbut Pa Mohalan soteh, eta mah panglandi babaturanana bae, dumeh ari ngabohong tara euleum-euleum; jeung eta deuih caritana teh bangsa nu pa\u00admo\u00adhalan bae, geura engke urang ban\u00addungan lamun manehna keur nyarita.\r\n\u201cBarang bapa malik rek lumpat, neuleu buaya gede naker, sungutna calawak mani kawas guha, arek ngalegleg.\r\nBawaning ku bingung, tungtungna rumpuyuk ngalumpu\u00adruk dina ta\u00adneuh kawas kapuk kaibun, leu\u00adleus taya tangan panga\u00adwasa.\r\nIngetan teh taya deui, lamun teu jadi eusi beuteung singa, tangtu diteureuy buleud ku buaya.\r\nReup bapa teh peureum, hate luas kari kumaha behna. Ari beunta bari cengkat, bet singa teh huluna keur di\u00adheung\u00adheum ku buaya. Tadi, basa nga\u00adrumpuyuk ba\u00adkating ku kasima tea, eta singa ngarontok, tapi kalepasan, ana geblus meneran pisan asup kana sungut buaya anu keur calawak, tipelag di\u00adna tikorona. Sanajan eta singa gugurinjalan, adug-adugan, tapi teu bisaeun lesot tina sungut buaya.\u201d","penulis":"SDS","penerbit":"Kiblat Buku Utama","isbn":"978-979-3631-61-5","eisbn":"0","preview":"pdf-sample.pdf","cover":"https:\/\/kubuku.id\/prod\/img\/cover\/36ee79e8b0b452c2181c56fde07d3d33.webp","harga_dasar":"38000","formatted_harga_dasar":"38,000","diskon_persen":0,"diskon_maks":0,"harga_akhir":"38000","formatted_harga_akhir":"38,000","jumlah":0,"terpakai":0,"tgl_akhir":"2026-04-20 13:34:17","rating":"0"},"cache":"write"}