{"code":200,"msg":"OK","clientId":"STR0107052022","data":{"kode_konten":"BK67327","kode_penerbit":"468","kode_penulis":"43032","kode_supplier":"159","tipe_konten":"ebook","judul":"Wawacan Panji Wulung","sinopsis":"Wawacan Panji Wulung t\u00e9h salah sahiji wawacan anu pangpopul\u00e9rna, lain ba\u00e9 di kalangan urang Sunda, tapi og\u00e9 di luar\u00adeun\u00adana. \u00c9ta wawacan nu dikarang ku Rad\u00e9n Haji Muhammad Musa (1822-1886) t\u00e9h kungsi disalin kana basa Jawa ku Pang\u00e9ran Adipati Arya Mangkunegara IV, ti dinya disalin deui kana basa Madura. Atuh dina basa Sunda, \u00e9ta buku t\u00e9h dicitakna mangkali-kali, boh dina aksara Jawa-Sunda boh dina aksara Lat\u00e9n.\r\nNya dina raraga ngaleungitkeun kapercayaan kana tahayul jeung melakkeun moral \u201dutama\u201d nu matak salamet dina hirup, R.H. Mu\u00adhammad Musa nganggit Wawacan Panji Wulung. B\u00e9da tina wawacan-wawacan lianna anu pinuh ku rupa-rupa kasaktian anu arah\u00e9ng, dina Wawacan Panji Wulung mah, dibol\u00e9k\u00e9rkeun pisan y\u00e9n dukun anu majar sakti t\u00e9h, saenyana mah sailon jeung pawarang raja anu mitenahkeun selir kakasih sang raja nu harita keur ngandeg. \u00c9ta dukun ahirna maot ku Panji Wulung, budak anu lahir tina kan\u00addungan selir nu teu tuah teu dosa tur ditibanan hukuman pati ku raja, tapi disal\u00e9gorkeun ku patihna nepi ka salamet ngalahirkeun sarta tuluy budakna dirorok, nepi ka jadi satria pinilih.","penulis":"RH Muhammad Musa","penerbit":"Kiblat Buku Utama","isbn":"978-623-7951-56-8","eisbn":"978-623-7951-57-5","preview":"pdf-sample.pdf","cover":"https:\/\/kubuku.id\/prod\/img\/cover\/b8cb6b3e3fbbe240152724d977bb8fec.webp","harga_dasar":"65000","formatted_harga_dasar":"65,000","diskon_persen":0,"diskon_maks":0,"harga_akhir":"65000","formatted_harga_akhir":"65,000","jumlah":0,"terpakai":0,"tgl_akhir":"2026-04-10 09:11:12","rating":"0"},"cache":"read"}