{"code":200,"msg":"OK","clientId":"STR0107052022","data":{"kode_konten":"BK67110","kode_penerbit":"468","kode_penulis":"42932","kode_supplier":"159","tipe_konten":"ebook","judul":"Pangeran Kornel","sinopsis":"Tapi aneh, beda tina sangkaan, gelap t\u00e9h diarep-arep teu disada, sabab Tuan Marsekalek kaburu kaget ku pepetaanana pangawulaan olohok kawas nu leungiteun akal. Ari nu jadi ngagetkeun ka Tuan Besar nyaeta ba\u00adrang song anjeunna ngasongkeun panangan, ku Dalem Sumedang disambutna ku panangan kiwa, sabab nu tengen mah dianggo nyepeng lan\u00addean keris, nu geus beunang ngagilir\u00adkeun ka payun.\r\nAri lilir tina hookeunana reup rarayna Tuan Marsekalek beureum, socana muncereng, waosna kekerot, bendu ngagu\u00adgudug, dum\u00e9h ngaraos diunghak. Kawasna lamun teu emut kana kajatnikaan salira, palay gampleng bae neunggeul ku tetekenna.\r\nSakur nu narenjo pada bengong, beungeutna ngadadak parias, inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang, sieun goreng balukarna. Saha nu teu rek mangsalem\u00adpang\u00adkeun ka Dalem Sumedang, sabab cek babasan tea mah pacikrak ngalawan merak, bonteng ngalawan kadu. Tangtu bae anjeunna anu cilaka, sabab ari Tuan Besar mah anu ka\u00adgungan kakawasaan satanah Hindia, kawasa mocot, kawasa ngahukum. Komo ieu mah sakitu barangasanana, pantesna moal aya rasrasan.","penulis":"R Memed Sastrahadiprawira","penerbit":"Kiblat Buku Utama","isbn":"978-623-7951-21-6","eisbn":"978-979-419-939-8","preview":"pdf-sample.pdf","cover":"https:\/\/kubuku.id\/prod\/img\/cover\/7a2ac9f6daa0be2dabbb91b65ed33179.webp","harga_dasar":"64000","formatted_harga_dasar":"64,000","diskon_persen":0,"diskon_maks":0,"harga_akhir":"64000","formatted_harga_akhir":"64,000","jumlah":0,"terpakai":0,"tgl_akhir":"2026-04-07 12:31:03","rating":"0"},"cache":"read"}