{"code":200,"msg":"OK","clientId":"","data":{"kode_konten":"BK107576","kode_penerbit":"1256","kode_penulis":"67115","kode_supplier":"368","tipe_konten":"ebook","judul":"Katineung Kuring","sinopsis":"\u201cEusina munel ku harti mopolah urusan doa anu jadi saripati hirup manusa tur dianggap salah sahiji pondasi laku agama. Dina palebah basa, asa ku genah dibaca ku sepuh anu di lembur, nonoman anu di kota; asa ku genah cumarita urusan anu rohaka nganggo basa Sunda anu basajan. Kautamaan doa anu luyu jeung ajaran gar\u00e9ja Katolik dipedar dibejerbeaskeun nganggo cara kolot baheula sumujud di payuneun Pang\u00e9ran Sang Widi Wasa. Kanggo anu ngagungkeun tata cara sareng upacara agama langkung ti hak\u00e9kat, moal boa ngah\u00e9ab asa dir\u00e9rab. Namung upami ditalungtik ku kaweningan ati sarta dibaca ku rasa sumarah, moal henteu kapendak sareng kaluhungan anu dipimaksad ku jinisna. Sebuah pendekatan dogmatik yang menarik dan otentik.\u201d\r\n(Prof. Pius Suratman Kartasasmita, Ph.D Guru Besar Administrasi Publik Universitas Katolik Parahyangan).\r\n\r\n \u201cPastor Thomas Maman Suharman OSC., Pastor Yusup Gandi OSC. (alm.), sareng Pastor YC. Abukasman OSC. (alm.) t\u00e9h angkatan ADS kahiji anu janten imam biarawan Ordo Salib Suci (OSC). Malah mah Pastor Maman sareng alm. Pastor Agus Rachmat OSC. (alm.) t\u00e9h janten generasi panungtungan lulusan SD nu naratas jalan panggilan imamatna di Seminari Kecil, Cadas Hikmat.\r\n\r\nBuku ieu kalintang \u201craos sareng peryogi diaos\u201d. Disebat raos diaos kumargi teu tebih ti pangalaman urang sar\u00e9r\u00e9a. Disebat peryogi kumargi ngeunaan iman urang sadaya ka Gusti. Sajaba ti \u00e9ta, buku ieu tiasa ngahudangkeun inspirasi utamina ka nonoman anu kataji nyonto tuladan Pastor Maman dina panggilan imamatna.\u201d\r\n(Drs. Antonius Hadisoepadma, M.M., Dosen Fakultas Ekonomi dan Fakultas Filsafat Universitas Parahyangan).\r\n \r\n\r\n\u201cBuku ieu numutkeun simkuring had\u00e9 pisan diaos og\u00e9 ku umat Islam, hususna di Priangan. Eusina ngeb\u00e9j\u00e9rb\u00e9askeun kumaha pamadegan umat Kristiani dina, utamana, ngeunaan pribadi Y\u00e9sus Kristus ku Anjeun miturut kayakinanna, nu ngab\u00e9dakeun tina pamadegan umat Islam ngeunaan pribadi Nabi Isa ku anjeun.\u201d\r\n(Ojel S.Y., novelis, tukang nulis)","penulis":"Thomas Maman Suharman","penerbit":"Balatin Putera Puteri","isbn":"978-623-89110-1-1","eisbn":"proses","preview":"pdf-sample.pdf","cover":"https:\/\/kubuku.id\/prod\/img\/cover\/1f1ecf5d161ae58cb012ba21df0f1424.webp","harga_dasar":"125000","formatted_harga_dasar":"125,000","diskon_persen":0,"diskon_maks":0,"harga_akhir":"125000","formatted_harga_akhir":"125,000","jumlah":0,"terpakai":0,"tgl_akhir":"2026-05-11 00:45:34","rating":"0"},"cache":"write"}